Senin, 17 Oktober 2011

ABAH VS ROBOT

.Abah jalan2 jeung Ambu ka Ginza Jepang. Geus jam 2 beurang can dahar waé, atuh puguh lapar pisan.

“Mah lapar henteu?”, ceuk Abah
“Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu”
“Wah lamun aya restoran Padang mah ngeunah meureun”
“Enya nya, biasana gancang, teu perlu mesen heula”
“Tuh aya restoran nu palayana maké robot!”
“Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana”

Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta.
Gék diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah.
Enya waé palayana téh robot.
Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong :

“What is your nationality?”, robot nanya.
“Indonesia” ceuk Abah.

“Selamat datang”, ceuk robot maké bahasa Indonesia.
“Apa bahasa suku Anda?”, robot nanya deui.
“Sunda”, ceuk Abah.

“Wilujeng sumping. Badé pesen naon?” ceuk robot maké basa Sunda.
"Canggih mah", abah ngaharewos.

“Aya lotek?”, ceuk Ambu nanya ka robot.
“Aya”
“Pesen dua porsi”
“Porsi ageung atanapi alit?
“Porsi ageung”
“Sabaraha céngékna?”
“Nu hiji dua, nu hiji sapuluh”
“Nganggo kangkung?”
“Enya”
“Nganggo waluh?”
“Enya”
“Nganggo engkol?”
“Enya”
“Badé engkol ti China atanapi asli Jepang?
“Nu mana waé lah”, Abah mimiti rada ambek.

“Kacangna badé diréndos atanapi di blénder?”
“Kumaha sia !”

“Kacangna setengah mateng atanapi mateng?”
“Goréng sing garing!”

“Nganggo goréng bawang henteu?”
“Maké kéhéd!” Abah sesengor tarik pisan.

“Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?”
“Dipiringan !”

“Lisahna margarine atanapi lisah kalapa?”
“Jalantah kuya !” bari ambek da geus aya sapuluh menitna.

Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.

Kira-kira tilu menitan kakara robot téh ngomong deui :

“Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan”

“Naha? Geus lila-lila aing wawancara jeung sia teu bisa dijieun ku siah?”

“Kumargi teu acan aya kuya, kehed sareng jalantahna!”

“Anjriiit!! bisa gélo aing ! !!!”

TUKANG BASO SOLO

Sebut we lah ngarana mah Bu Sumringah.. Da eta we seuri wae jigana mah pedah katingali waos na...xixixiixi

Kacaritakeun manehna pesen Baso Solo, pas pesenan datang manehna ujug2 ngamuk ka pedagang baso na..

Bu Sumringah : " hey mas..cik atuh nu bener laladang teh, piraku ibu meuli saporsi ngan dibere hiji Jendil Baso na...mana leutik deui Basona..!!". ( Ngambek bari ngegelan sendok & garfu gara2 kesel )

Tk. Baso : ( ngajawab tenang tanpa dosa ).." Punten ibu, apanan namina oge BASO SOLO janten hiji jendilna, pami hoyong langkung mah mangga we pesen BASO DUET / TRIO / KWARTET.... Pami hoyong langkung seu'eur mangga milari BASO ORKESTRA...