Minggu, 08 November 2009

SI EMED VS NYI ROMLAH

Si Emed terkenal Playboy di hiji lembur, hiji mangsa manehna bogoh ka Nyi Romlah budak bandar Bakiak, trus Si Emed nyamperkeun Nyi Romlah niat rek Ngarayu..

SI EMED : " Neng, akang bade naros..kersa teu ka akang nu kasep kapaksa ieu ?".

NYI ROMLAH : " Ah teu hoyong ka akang mah playboy..". ( bari ngabalieurkeun beungeut )

SI EMED : : " ceuk saha neng..? kumaha akang tiasa janten playboy, akang mah rumasa beungeut goreng, domba oge teu bogoheun ka akang mah". ( bari tuluy ngarayu )

NYI ROMLAH : " Ih komo mun kitu..cik atuh mikir kang, domba wae teu bogoh ka akang, kumaha deui abi..?? ( bari ngajeubian )

SI EMED : " aeh ari neng..apanan matak akang milarian nu sahandapeun ti domba oge ngahaja meh akang teu di tolak ". ( bari beungeut pede )

NYI ROMLAH : " nurustunjung siah..emang uing teh domba..??". ( bari maledog ku sendal )

HUNIDUN VS NU GELO

Si Hunidun balik ngadu hayam bari jeung eleh...manehna balik bari ngelek hayam trus ngaliwat hareupeun nu gelo nu keur cicing handapeun tangkal jambu, geus kitu di carekan ku nu gelo eta..

NU GELO : " iih aneh jelema teh, ulin bari mawa monyet ". ( bari nyaliksik bu'uk na nu gimbal )

SI HUNIDUN : " Geus puguh maneh nu gelo mah, hayam disangka monyet ". ( bari keuheul da keur aral gara2 ngadu hayam eleh )

NU GELO : " Ih meuni Ge-er, bari na oge uing mah keur ngomong jeung tangkal jambu lain jeung maneh...iihhh, dasar nu gelo amuk2an sorangan ". ( bari seuri nyikikik trus keprok )

HUNIDUN : " Maneh Nu gelo mah koplok..( bari beureum beungeut da meureun era )

BI SARBO'AH

Bi Sarbo'ah tukang gorengan keliling, maneh na pas balik ngider jualan gorengan ujug-ujug di tengah jalan ngarasa teu kuat mules jeung hayang Pipis, akhirna manehna abus ka kebon trus nagog handapeun tangkal Caringin nu diluhurna aya budak leutik keur ulin na tangkal

BI SARBO'AH : " duuhh untung we masih bisa ka tahan keneh jd teu ki'ih na calana ". (bari ngomong sorangan )

BUDAK : " asik aya hiburan..( Seuri di tahan bari no'ong Bi Sarbo'ah nu keur Pipis ) ".

BI SARBO'AH : " duuh aya ku nikmat ki'ih teh...( geus kitu tuluy manehna hitut brat, bret, brot )

BUDAK : " ( teu sadar nyeletuk ) ih dasar aneh geus pipis teh malah hitut brat, bret, brot ".

BI SARBO'AH :" eehh..naha teu apal kitu Ujang..?? apanan Hujan Oge Sok Jeung Guludug na ". ( bari ngaleos da era teu nyangka aya budak di luhur tangkal )

BUDAK : " Dasar Weureu..".( bari nutupan irung da hitut na bau kacida )

SI KARNIDUN

Si Karnidun Bobogohan jeung budak Pa Haji nu terkenal Galak di hiji lembur, geus kitu si karnidun di panggil ku Pa Haji gara-gara ngahamilan budakna nu anyar kaluar SMU..

PAK HAJI : " Cik uing rek nanya, bener maneh nu ngahamilan Si Ety Budak uing..??".

KARNIDUN : " Muhun pak leres, emang na kunaon kitu pak..? ( beungeut tanpa dosa )

PAK HAJI : " Yeuh..emang maneh teu mikir kitu budak uing teh leutik keneh, kumaha mun ke kaguguran kandungan, emang maneh rek tanggung jawab..??". ( bari nyarekan jeung tutunjuk )

KARNIDUN : " teu nanaon da abi mah tangung jawab mun si Neng kaguguran mah".

PAK HAJI : " Tanggung Jawab Kumaha..??".

KARNIDUN : " Muhun, pami si Neng Kaguguran abi bade Tanggung Jawab ngadamel deui nu enggal kanggo gentos na ".

PAK HAJI : " Na sia teh nurustunjung kalakuan teh..!!!". ( bari ngacungkeun bedog )

HAYANG EUREUN NGAROKO..!!!

Si Sumad ngarasa rudet, unggal poe batuk wae teu eureun2 saking ku loba teuing ngaroko. akhirna si Sumad indit ka Dokter nu maksudna rek konsultasi masalah kesehatan

SUMAD : " dok, simkuring teh batuk wae gara2 ngaroko, kunaon nya..??".

DOKTER : " ooh atuh mun kitu mah bapak ti mulai ayeuna kedah eureun ngaroko".

SUMAD : " da ayeuna oge tos tiasa eureun ngaroko mah".

DOKTER : " trus mun tiasa eureun mah sae atuh..trus nu jadi masalah ayeuna naon..??". ( bari bingung )

SUMAD : " masalahna tiasa eureun teh ku cara mun bade ngaroko trus eta roko na di coelkeun heula kana Tai Kotok ".

DOKTER : " nya sae atuh teu nanaon mun kitu mah, janten bapak moal daek ngaroko da jadi geuleuh".

SUMAD : " Muhun dok, ngan nu janten masalah ayeuna simkuring janten kabiasaan nyolek Tai Kotok...kumaha nya dok.??".

DOKTER : " atos we sakalian Lamot tah Tai Kotok teh ku Bapak.....( keuheul bari ngaleos )