Kamis, 05 November 2009

AWEWE NURUSTUNJUNG

Obrolan 2 pasangan calon panganten nu rek kawin saminggu deui..

Lalaki : " nyai sayang, saminggu deui urang teh bakal nikah... akang mah ke pami bobo sareng nyai, pas malam pertama akang hoyong di service nu matak akang betah

Awewe : " duuh akang tercinta, nyai mah janji bakal masihan nu pang sae na kanggo akang..ku nyai mah bakal di service sampe ka akar-akar na

lalaki : " wah ..?? nu leres eta teh nyai..?? ( bari atoh pisan )..emang neng tiasa kitu masihan service nu matak puas ka akang..??

Awewe : " kantenan atuh akang, pami akang teu percanten kana pengalaman nyai mah...mangga we taroskeun ka rerencangan akang, si Suhri, Si Jumad, Si Memed. dll...

lalaki : " dasar nurustunjung sia mah nyai...( bari eta awewe na di kepret )

PANGANTEN ANYAR

Aya Panganten anyar, sebut we ROHIDIN & ROKAYAH

eta Neng Rokayah ti mimiti di rapalan sampe ka diuk di korsi panganten pagawean ngan ukur ceurik jeung ceurik, sampe ka bingung kabeh kolot ti dua belah pihak, oge kabeh nu aya didinya..

kacaritakeun pas keur narima tamu undangan oge manehna tetep we ceurik, akhirna salakina keheul trus ngajakan heula ka tukang bari ninggalkeun tamu nu ngantri rek sasalaman..

geus di tukang Rohidin nanya :

ROHIDIN : " Cik atuh nyai ulah ngerakeun akang, ari nyai teh kunaon ceurik wae..?? bisi pajarkeun gara2 akang..emang aya nu salah ti akang..??

ROKAYAH : " Teu nanaon kang...( bari beuki tarik ceurikna )

ROHIDIN : " Sok atuh nyarita ka akang, naha nyai teh hanjakal kawin jeung akang nu ganteng model kieu..?? atawa gara2 Mas Kawin Seperangkat Alat Vital Kumplit Plus Kolorna nu di bere ku akang masih kurang keneh..??

ROKAYAH : " Sanes kitu kang, nyai teh mun calik wae ieu BISUL 2 siki nu aya na bujur nyai karasa pisan nyeuri mun pas Kageuncet Korsi....!!!

DASAR BUDAK

Di hiji madrasah aya ustad nu keur ngajarkeun kudu jadi budak bageur meh abus surga...

pa ustadz : yeuh barudak,,,peupeujeuh pesen ti bapak mah ke mun geus gede ulah bangor jeung ulah jahat, soalna eta teh balad setan nu aya di naraka,,,,,tp kudu baguer jeung sholeh meh abus surga...kira2 saha nu hayang abus surga..??

Murid kabeh : " Abi pak ustad,,,,( bari ngacung kabeh )

Pa ustad : " ( bari melong ka si kirman pedah teu ngacung )...kunaon kirman maneh teu ngacung.?? naha embung abus surga..??

Si Kirman : " Alim ah pak Ustad sieun di carekan ku si bapak "

Pa Ustad :" naha emang kunaon si bapak nyarekan..??

Si Kirman : " Da saur bapak oge ke abi mah kudu abus tentara atawa polisi..." ( bari beungeut sedih )

PEDAGANG ASONGAN

Duuh gusti mudik ayeuna mah bener2 cape, macet trus tiap angkutan pinuh ku penumpang nepi ka paseudek2, Pedagang Asongan sampe ka jiga siraru rabeng ti ditu ti dieu...
sok karunya ari nempo nu kitu teh jd asa hayang pangmeulikeun truck kontainer jang ngangkut penumpang nu rek mudik / arus balik..!!!

jeung eta aya nu watir pisan mah Tukang Asongan di gebugan ku kabeh penumpang Elf jurusan Tasik - Bandung sampe ka akhirna di amankeun ka Kantor Polisi. pas di kantor Polisi ditanya :

POLISI : " kunaon akang sampe ka di gebugan kitu..?? didiinya teh copet atawa calo nu sok maksa..??

PEDAGANG :" duka bapak abi oge bingung ujug2 di gebugan gara2 nawarkeun dagangan ka jero Mobil Elf...( bari nyepengan beungut nu barenjol )

POLISI : " Ah piraku nawaran dagangan sampe ka di gebugan kitu..?? na silaing dagang naon atuh..dagang Narkoba..??

PEDAGANG : " ah mung teu sapira bapak,,,simkuring " Dagang TARAJE " di jero Elf nu pinuh penumpang, da niat mah sugan we Payu meh aya bekeul jang Budak..!!

TARANG LECET

Peuting Kamari Mlm Jum'at, Mang Tohir tukang ojeg meunang muatan awewe geulis nu samemeh na pernah di anter ka tempat nu aneh jeung angker.

harita mah mang Tohir nyangka eta awewe teh Jurig sampe ka harita mah ngajalankeun motor kebut trus eta awewe di aclengkeun na motor sampe ka murag.

pas tadi peuting panggih deui bari sa acan di tarik di tempoan heula suku na bisi teu napak.
akhirna pikir Mang Tohir ( ah ieu mah napak suku na jd lain jurig)...
akhirna di tarik we sesuai tujuan eta awewe...tapi saparat jalan ditanya :

Mang TOHIR : " Bade kamana neng weungi kieu, bade ka terminal..?? ".

AWEWE : "ah teu kang bade ameng ka rerencangan kaleresan aya peryogi, mung bumi rerencangan na caket kebon awi nu di pas belokan cukang."

Mang TOHIR : " (bari rada reuwas, tp manehna mikir ieu mah pasti jelema )..eh neng.. dupi neng teh nu kamari sanes..?? nu numpak ojeg akang sampe ti guling..??"

AWEWE : muhun akang, emang kunaon kitu akang..?? bade ngebut deui jiga kamari.??

Mang TOHIR : " aduh punten neng, kamari teh akang kebut saking ku reuwas.... da sugan teh neng ieu jurig, boromah akang ngebut sampe ka nyuntrungkeun neng ka jalan."

AWEWE : " Muhun ih si akang mah, gara2 kamari ngebut trus neng labuh ieu sampe ka Tarang Lecet, akang mah tega..!!
keur mah Neng teh, Waos tos Ronges... Tonggong Neng geus Bolong, gara2 kamari ngalahirkeun dina Tonggong...ka tambah ayeuna Tarang Lecet ".

Mang TOHIR : " Ju,,,ju,,,JUUUUUUUUUURRRIIGGGGGG ( bari ngagorowok trus motor na nyungseub na kebon sampeu ) bari pingsan keneh sampe ka 3 poe gara2 eta.

ARUS BALIK

Ayeuna mah loba nu mudik Arus Balik,,,,terutama mah eta Motor meuni siga Rameutuk manggih Cai, ngagulung sampe ka gandeng jeung rarecet klakson...

tp dina nu ngagulung eta aya kolot ( Bapa2 & Ibu2 ) meuni watir di perhatikeun ti kajauhan manehna ngadorong motor, akhirna ku uing disamperkeun da karunya, trus uing panasaran geus we di tanya api2 basa-basi

UING : " Pak, bade mudik kamana..?? "

SI BAPAK : " Ah Caket mung Ka SUMEDANG Cep.."

UING : " Uluh Lumayan tebih atuh nya..? Dupi Ieu motor kunaon, se'ep bensin atanapi mogok..??"

SI BAPAK : " Ah Teu kunanaon cep motor mah da sae keneh.. malihan mah nembe meser minggu kamari ( ceuk indung na ngilu nembalan )."

UING : " Oh kitu..? naha atuh kunaon ieu motor di dorong teu di hurungkeun..?? (bari nempo motor nu emang alus keneh )."

SI BAPAK : " Teu kunanaon cep ( bari semu beureum beungeut )...trus Ibu na milu ngajawab " eta cep di dorong teh ngahaja, da soalna si BAPAK teu tiasa kana motor, mung ari ka Ibu mah nyariosna nuju BISUL BUJUR janten teu tiasa calik ( ceuk si Ibu bari jamedud )."

UING : " ( Bari ngabayangkeun TASIK - SUMEDANG ngadorong motor )...Har ari bapak kunaon teu naek bus atuh..??

SI BAPAK : " Nyaeta Bapak jeung Ibu mah mun naek Bus sok Utah kaluar jeung peujit na...

UING : ( bari ngaleos trus kukulutus )...aahhh dasar jelema weureu,,hanjakal di sampeurkeun jauh2..!!!

AKI - AKI SIAL

Dina hiji kapal layar aya budak leutik anakna konglomerat tikunclung ka laut, geus kitu eta indungna gogorowokan bari menta tulung supaya anakna di salametkeun ku jelema nu aya didinya..

pas jelema kabeh geus ngarumpul nempo eta budak keur kokosehan dina cai... ujug2 gajleng we...aya Aki-aki ngajleng bari nyalametkeun eta budak

kacaritakeun eta budak na geus di bawa deui kana kapal, trus indung na budak eta ngomong kieu :

Indungna : " Abah hatur nuhun pisan nya, abah kersa nyalametkeun pun anak, kinten2 abah hoyong hadiah naon ti euceu..??.."

Si Aki : " Ah abah mah teu peryogi nanaon euceu,,ngan hiji we abah mah hayang apal, saha tadi jelema nu nyuntrungkeun abah sampe nyemplung ka laut...???! ( bari beungeut jamedud jeung keuheul trus neangan jelema nu nyuntrungkeun manehna )

SI KATRO

Si Katro pemuda desa nu bangor pisan,,,hiji mangsa maneh na teu boga duit da hayang meuli minuman jang mabok,,akhirna maneh na maling Sapi nu H. Muhdi tatangga na...tp kabeneran kapanggih ku warga nu keur ngaliwat, jd we maneh na di tewak jeung di bikeun ka kantor polisi..

pas keur di kantor polisi manehna di tanya :

POLISI : " geus lila maneh maling sapi..??"

KATRO : " teu acan pernah pak..."

POLISI : " naha kunaon atuh maneh ayeuna maling sapi..??"

KATRO : " sumpah pak, abi mah teu maling sapi..." ( bari angger teu daek ngaku )

POLISI : " aeh silaing teh.. apanan geus puguh ieu aya buktina..!! ( bari nunjukeun sapi nu di paling si katro )

KATRO : " Pak..abi mah niat na oge maling tali na hungkul butuh jang nalian pageur imah, ngan eta mah Sapi na we nu salah hayang ngilu ka abi..nya atos we ku abi di ajakan ". ( bari beungeut tanpa dosa )

CURHAT DOKTER

Aya 2 orang dokter curhat,,,manehna ngobrolkeun masalah percintaan..

Dokter 1 : duuh simkuring mah aneh asa kakara aya nu naksir pasien sorangan

Dokter 2 : waduh sae atuh aya nu naksir mah, simkuring mah teu pernah aya nu naksir padahal pasien teh karasep pisan...

Dokter 1 : muhun euceu puguh ieu ge bingung, asa na mah di antep ku simkuring oge, ngan lami2 mah asa jadi nyaa'ah ka eta pasien teh,,,tp damoal mungkin mun simkuring kedah ka eta pasien mah..

Dokter 2 : naha moal mungkin..?? teu nanaon euceu da cinta mah teu mandang antara psiean jeung dokter, cinta mah da urusan perasaan..

Dokter 1 : ( bari bingung ),,duuuh kumaha atuh nya ..??

Dokter 2 : kumaha naon na euceu...?? ari euceu nya'ah mah ka eta pasien sok we jadikeun...( bari mere semangat )

Dokter 1 : sanes kitu euceu,,,apanan euceu oge terang simkuring teh Dokter Hewan...!!!

DINA JERO BUS PINUH PENUMPANG

Dina Hiji Bus jurusan Tasik - Jakarta, penumpang pabeulit paseudeuk2, malahan mah aya nu teu kabagean korsi, tp da saking ku butuh rek mudik arus balik nya daek we nangtung oge dina eta bus teh,,,maklum sieun teu kaburu nepi ka tujuan gara2 rek ngudag abus gawe...

diantara nu nangtung eta teh aya lalaki jeung awewe nu nangtung pa dempet da maklum pinuh pisan penumpang na,,kacaritakeun eta awewe jeung lalaki teh ngarobrol da meureun itung2 kenalan

LALAKI: " punten bade tumaros, dupi teteh damel na janten dokter nya..??".

AWEWE : " ( bari bingung naha ieu lalaki apaleun ),,muhun, naha geuning akang terang abi dokter..??

LALAKI : " ah nebak we pedah eta salira teteh asa bau obat-obatan...!!!

AWEWE : " muhun kang leres pisan,,( bari bingung trus sarua ngiluan nebak eta lalaki)..dupi akang damel di mana..??".

LALAKI : " (reuwas..naha ieu awewe apaleun..? ) amuhunteh, leres pisan abidamel di bengkel,,naha teteh geuningan terang..??".

AWEWE: " ah nebak we kang, pedah eta Dongkrak akangnu nempel na bujur teteh asa naek turun wae....".

LALAKI : ( langsung beureum beungeut da era )....muhun teh akang ge duka kunaon,,,,( bari bulaham bulehem )

TUKANG HAYAM VS SUPIR MULES

Aya supir nu rusuh rek balik gara2 mules,,manehna pabeulit ngajalankeun mobil siga nu di udag jurig,,,
pas keur di tikungan manehna mengkol keun mobil tekor sampe ka nabrak kandang hayam,,sampe ka hayamnu dina kandang paeh kabeh..

akhirna manehna turun niat rek sasadu ka nu boga kandang na :

SUPIR : bapak, punten abi teh kacelakaan,,tp bapak tong hariwang ku abi pasti di gentosan

TK. HAYAM : " ( bari jamedud ) emangdidinya bisa kitu ngagantian kabeh hayam nu aya dina kandang,,,mangkaning eta hayam jalu hungkul

SUPIR : " ulah hariwang pak abi mah jalmi na tangung jawab, sok bapak hoyongdi gentosan sabaraha..??"

TK. HAYAM : " ah pokona mah hayang di gantian deui ku hayam nu bibit na model hayam nu paeh eta...!!! ( bari ngambek )".

SUPIR : " aduh ari kitu mah sesah milari na, kumaha atuh carana nu gampang ..??".

TK. HAYAM : " gampang, tuh di tukang aya hiji deui hayam bikang na ( bari nunjukeun kandang nu hiji deui )

SUPIR :" hah...teu salah..?? ( reuwas bari langsung pingsan da ngabayangkeun kudu kumaha jeung hayam bikang eta )."

SI KOSIN NONTON BIOSKOP

Si Kosin lalajo Film di bioskop, manehna merhatikeun film eta sampe ka serius pisan.....

pas dina adegan salah sahiji film eta kacaritakeun aya awewe nu rek ganti baju, awewe eta geus muka keun baju, trus muka BH, ngan pas rek muka BH eta awewe na Film teh ujug2 pindah tempat, nyumput kana dekeut mobil nu keur parkir...!!

si Kosin akhirna keheul gara2 aya mobil parkir, kacaritakeun isuk na si kosin indit deui lalajo euweuh ka bosen, sampe ka di tanya ku Penjaga Karcis na..:

PENJAGA : " aeh geuning akang nu kamari, naha kunaon nonton deui teu bosen kitu kang..??

KOSIN : " Ah teu ari bosen mah kang...mung panasaran we akang mah.

PENJAGA : " emang panasaran kunaon kitu kang..? rame nya Film na teu matak bosen..??

KOSIN : " ah justru film na mah teu rame puguh oge..."

PENJAGA : " ( bari ngahuleng bingung ),,trus mun teu rame mah, nanaonan atuh akang sampe ka 3 balikan kadieu nonton film eta..??".

KOSIN : " akang mah panasaran we, Eta Mobil nu ngahalangan awewe keur ganti baju masih keneh parkir atawa geus maju..?? da akang mah yakin, pasti ayeuna geus maju jd moal ngahalangan eta awewe ganti baju. ( bari beungeut pe de )".

KONSULTASI MASALAH UBAN / HUIS


Aya pasien awewe bangor, trus manehna konsultasi masalah kecantikan tp salah konsultasi malah datang ka dokter specialis psikiater...

DOKTER : " Aya naon nu kedah di baktos bu..??

AWEWE : " ieu dok, abi teh badekonsultasi masalah rambut, soalna rambut abi Uban sadaya sampe ka bodas pisan, jadi ngaganggu pisan kana penampilan abi "

DOKTER : " ooh..Ibu itu mah wajar soalna khan eta rambut munculna mastaka ibu nu janten PUSAT PIKIRAN...!! janten warna na bodas"

AWEWE : " Oh kitu dok,,,( bari ngahuleng ) ..trus naha atuh ari rambut nu hiji deui mah eta teu pernah bodas, tp warna na tuluy wae hideung sampe ka ayeuna..??"

DOKTER : " Ooh..Itu mah wajar bu hideung oge da kotor, soalna eta rambut muncul na dina PUSAT HIBURAN, janten we hideung da maklum kotor gara2 seu'eur teuing pengunjung".

AWEWE : " ooh kitu dok,,pantesan atuh...( bari ngaleos da era )

TUKANG KUMIS

Pak Sarmud Tukang Jualan Kumis, hiji mangsa maenh na jualan mawa budak na nu leutik keneh umur 7 taun...

Pak Sarmud gogorowokan jualan obat kumis,,,mangga bapak2 nu rumaos botak, atanapi nu teu gaduh kumis, sok mangga kadieu...
simkuring gaduh obat kumis atanapi penumbuh bulu nu mujarab...bahan obat na getih oray SARBO'AH ( Diala poe SAlasa, beunang poe reBO, di jual juma'AH )

geus lila weuh nu meuli wae, trus budak na nanya ka bapa na :

BUDAK : " Pak, aneh ujang mah ka bapak..?"

BAPAK : " Aneh kunaon kitu ujang..??"

BUDAK : Apanan bapak teh jualan Obat Kumis, tp naha bapak teu kumisan..?? ( bari nanya polos )

BAPAK : " Aeh ari si ujang... yeuh ujang, apanan tukang Endog oge tara Endogan ".

BUDAK : " oh enya nya pak...( bari siga nu mikir )

PERJAKA ASLI

Mursih..( lainn garan aslina )...mojang desa nuparawankenehjeung can pernah bobogohan...hiji mangsa pamit ka indungna rek indit gawe ka Kota Jakarta..trus samemeh indit ku indungna dibere wejangan kieu " kade anaking mun ka kota gede sing bisa jaga diri komo deui mun meunang lalaki, omat kudu meunangkeun lalaki nu kategori na :
1. lalaki nu Setia
2. lalaki nu Tanggung Jawab
3. lalaki nu Perjaka Tingting

Kacaritakeun Mursih geus gawe 1 taun di Jakarta trus kamari balik mudik, ku indung na ditanya :

Indungna : " Neng Di Jkt teh damel di mana..?? Kumaha tos gaduh Jodo neng teh..??".

Mursih : " alhamdulillah Damel di PUB ( Pabrik mksd na mah ). neng oge tos gaduh jodo sesuai kriteria Ibu nyaeta nu Satia, tanggung Jawab, Masih Perjaka."

Indungna : " wah kumaha kasep teu ..?? cik caritakeun ka Ibu "

Murish : " Kasep bu, trus eta maneh na satia pisan sampe ka neng pulang kerja oge di antosan di luar bari huhujanan

Indungna : trus..??

Mursih : " trus maneh na oge Hemat,da pas Kost an neng di konci, manehna ngajakan neng bobo di Hotel, trus ceuk manehna mending sewa kamar hiji ku duaan meh irit biaya, tah apanan eta teh hemat nya bu..??

Indungna :" ooh..nya hemat eta mah lalaki teh..trus manehna perjaka atawa duda..???

Mursih :" kantenan atuh ibu perjaka pisan, da soalna pas bobo di Hotel oge eta gagaduhan na di Bungkus Plastik merk SUTRA.

Indungna : " atuh berarti.....?? ( bari keuheul )...nasateh mursih kalakuanteh kabina2,,( langsung pingsan )

PEMULUNG

Aya hiji jalma susah, manehna ayeuna jadi pemulung mapay2 trotoar jeung neangan wadah runtah..

hiji mangsa eta si pemulung ngorehan wadah runtah di imah Pak Sujito nu terkenal jelema beunghar tapi balaga sa komplek perumahan eta.

PAK SUJITO : " Hey maneh,,nanaonan eta ngorehan runtah..??"

PEMULUNG : " ah ieu we pak milarian botol aqua nu tilas, lumayan kanggo di ical meh tiasa ngubaran lapar, maklum tos takdir na kieu".

PAK SUJITO : " lain takdir...maneh mah euweuh gawe, dasar malas hirup na, gawean ngan mulungan runtah lain maneh teh gawe nu bener meh hirup bisa sagala aya model urang".

PEMULUNG : " Hey pak, ulah ngahina ka jalma sangsara..da kieu2 oge kolot uing mah konglomerat, harta na oge mahi sampe ka 7 turunan".

PAK SUJITO : ( bari balaga )...mun emang kolot maneh harta na mahi keneh sampe ka 7 turunan, trus kunaon maneh balangsak..??

PEMULUNG : " maklum takdir...jadi abi di keluarga teh termasuk turunan ka 8..matak abi teu kabagean harta warisan". ( bari beungeut tanpa dosa )

DOSEN BELEGUG

di hiji Universitas terkenal aya dosen nu galak pisan, manehna teu kaop aya mahasiswa nu bangor sok langsung di carekan bebeakan... kacaritakeun eta dosen rek mulai ngajar di hiji ruangan kelas..

DOSEN : " cik naon jelaskeun nu ngarana sistem ekonomi perbankan..??"

MAHASISWA : " sistem ekonomi nyaeta.....bla..bla..bla.. ( dijawab hiji2 ku kabeh mahasiswa )

DOSEN : " (bari melong kajuru ruangan aya jelema keur tataekan kana korsi )...hey maneh, nanaonan eta tataekan kana korsi..? kadieu kahareup..!!! "

( jelema eta ka hareup trus ditanya bari di carekan bebeakan )

DOSEN : " Silaing nanaonan eta di juru tataekan na luhur korsi siga jelema gelo, maneh teh rek ngiluan di ajar atawa rek naon datang ka kampus teh..??

NU DITANYA : " Punten moal ngiringan diajar simkuring mah pak". ( dijawab tenang )

DOSEN : " aeh na silaing teh nanaonan atuh datang ka kampus trus abus ka kelas, ari moal di ajar mah..?? ( bari ngamuk jeung beungeut keheul )

NU DITANYA : " Simkuring mah di piwarang ku rektor kampus, ngalereskeun saklar listrik nu koslet, maklum simkuring mah padamel PLN". ( bari nembongkeun kabel listrik )

DOSEN : " ( langsung beureum beungeut saking ku era )...oohhh kitu..".

NU DITANYA : " punten dupi bapak gaduh Obeng sareng tang sakantenan simkuring nambut heula..?? ( nanya bari wajah tanpa dosa )".

BUDAK SI ABAH

si abah Jualan Cendol geus 2 taun di hiji Universitas swasta terkenal, sampe ka si abah eta terkenal ku kabeh mahasiswa tiap angkatan..
kusabab si abah terkenal ku mahasiswa, tungtungna aya hiji mahasiswa panasaran hayang nyaho saha si abah nu sabenerna, akhirna mahasiswa eta nanya :

MAHASISWA : " Abah, Dupi abah icalan tos sabara taun..??

ABAH : " Aya panginten kana 20 Taun mah.."

MAHASISWA : " Wah lami pisan nya bah, gaduh putra sabara hiji..??

ABAH : " Gaduh 3 sadayana pameugeut, nu hiji mah di TRISAKTI, nu kadua di UI, nu katilu di ITB..".

MAHASISWA : " ( bari ngahuleng da reuwas )...wah abah teh geuning putra na Hebat sadaya Kuliah di Universitas unggulan". ( bari gogodeg da salut ka si abah )

ABAH : " Ah, teu kuliah cep..da sami we model abah JUALAN CENDOL". ( dijawab tenang bari ngaladangan cendol ).".

SAKOLA BUDAK

Aya Ibu2 sebut we IBU SUKARNI ( lain ngran aslina ),mawa budak leutik umur 5 taun, niat eta ibu2 rek neangan sakola TK jang budak na...
akhirna maneh na ku kurilingan di eta komplek neangan nu bisa di tanya, maklum manehna penduduk anyar di komplek eta..akhirna maneh na abus ka tukang sate madura nu anyar buka...

BU SUKARNI : " punten pak bade tumaros, dupi didieu TK ( taman Kanak2 ) nu caket di palih mana..??

TK. SATE : aduh abi mah teu terang bu, abi mah terang na oge TN..

BU SUKARNI : " dupi bapak terang teu sakola kanggo murang kalih nu sami kieu ( bari nunjukeun budakna nuleutik keneh )..??"

TK. SATE : " ooh hente terang bu, abi mah terang na TN..".

BUSUKARNI : " Dupi TN teh naon pak..?". ( bari mikir )

TK. SATE : " " masa ibu teu terang TN...itu Taman Nak-Anak ta iyeu...( bari ngomong na make logat madura )

NU ANYAR NGALAHIRKEUN

Aya Ibu-ibu nu anyar ngalahirkeun budak lalaki, budak na lucu pisan siga indung na..tp eta budak pas lahir rada aneh, berat na 8 kilo trus panjang na 75cm..

kacaritakeun pas budak eta geus lahir trus kolot na bingung mere ngaran budak eta, saking ku reuwas da maklum budak nu kahiji..akhirna eta kolot na rembuk masalah ngaran budak

IBU : " Pak, ieu budak teh rek di bere ngaran saha..??

BAPAK : " Duka puguh bapak ge bingung, ari kahayang bapak mah ieu ngaran budak teh aya rada semu ngaran Arab

IBU : " Muhun ibu ge sami, sugan we rada sae namina...( bari mikir trus si ibu nyeletuk...)..kumaha mun namina ABU BIN JADNAHU..?? meh aya hubungan jeung nyeri na ngalahirkeun...

BAPAK : " Naha..naon hubungan na eta ngaran budak jadi kana nyeri ngalahirkeun..??

IBU : " Apanan ABU BIN JADNAHU teh singkatan dina ( Asa BUcat BIsul Nu JADii NA HUlu )

BAPAK :" Aeh ari ibu,,geus we atuh sakalian bere ngaran ABU GAIB ( Asa BUngah Geus Aya Ieu Budak )...( bari ngahuleng da bingung )

PASIEN R.S.J

Kacaritakeun aya hiji pasien RSJ nu geus rek cageur..maneh na menta hayang balik, akhirna maneh na ngomong ka dokter jaga

PASIEN : " Pak Dokter...Kenging teu abi uih ayeuna..??".

DOKTER : " Na kunaon maneh hayang balik..emang maneh geus cageur?".

PASIEN : " abi teh hoyong Uih soalna bade ngalamar, da abi bade nikah,,ceuk dokter kumaha abi tos damang teu acan..??"

DOKTER : " Oh ari kitu mah berarti maneh geus cageur da soalna boga niat hayang kawin, berarti geus norma, tp ke mun maneh geus kawin kira2 eta pamajikan rek di kumaha keun..??".

PASIEN : " Paling ku abi mah rek di candak we kadieu kanggo di urus ku dokter, maklum da calon istri abi eta nu gelo keneh...".

DOKTER : " Dasar weureu...!!! ( bari ngaleos )

NENG MAWAR

aya awewe bangor tatangga uing sebut we ngarana Neng Mawar ( nami lengkap na Mawarsih ), hiji mangsa maneh na curhat masalah teraphy kecantikan ka babaturan na nyaeta Neng Wina ( nami lengkap na WINARTO )...

MAWAR : " Duh abi mah terus terang kapok theraphy ka dokter mah ".

WINARTO : " naha kunaon..?? apanan ceunah resep da pedah dokter na kasep ".

MAWAR : " Nya sih emang kasep, awal na mah abi resep tapi ayeuna mah asa hoream ka ditu deui teh ".

WINARTO : " Naha kunaon..?? asa aneh ongkoh resep ka dokter na tp embung datang deui ka dinya..?". ( bari bingung mikiran kalakuan neng mawar )

MAWAR : " sok we bayangkeun, piraku abi geus daek sare di titah ku manehna bari di cagap jeung di suntik, tp kunaon akhirna jd abi nu kudu mayar..??".

RENCANA NU GELO

Aya nu gelo ngarasa teu betah cicing di RSJ, maneh na hayang pindah ka Pos Ronda....akhirna maneh na ngarencanakeun rek kabur ti RSJ eta ku jalan Ngajleng kana Tembok Bangunan RSJ nu di Tukang..

Nu Gelo 1 : " pokona ke maneh urang kabur lewat Tembok bangunan nu di tukang Gedung ieu, tugas maneh nempokeun petugas jaga, mun aya nu ngaliwat bejaan uing nya?". ( bari geus semanget jeung pede )

Nu Gelo 2 : " Siap, ke maneh tiheula ngajleng Kana tembok, trus tempo situasi di luar aman teu, mun aman uing rek nurutan ngajleng tembok".

nu Gelo 1 : " Nya geus, atuh ayeuna uing rek ka tukang kabur lewat tembok tukang".

Nu Gelo 2 : " nya atuh sok geuwat".

Kacaritakeun, pas nu gelo 1 eta geus ka tukang ujug2 balik deui bari ngomong siga nu reuwas...

Nu gelo 1 : " wah gawat euy, di tukang na can di jieun bangunan tembok, ngan aya kebon hungkul jd uing teu bisa ngajleng tembok".

Nu gelo 2 : " wah gagal atuh rencana mun kitu mah, nya geus atuh ayeuna mah tungguan we sampe ka bangunan nu di tukang di tembok meh rencana berhasil ".

Nu Gelo 1 : " nya bener euy ide maneh alus pisan ". ( bari culang cileung )

KALAKUAN JELEMA CALIWEURA


Dasar Si Solihin ( Lain Ngaran nu sabenerna )..maneh na ulin ka Mall niat rek neangan jodo...make stelan gaya pisan, baju kameja trus luarna make jas ( jas hujan maksudna mah )..
ka handap na make calana Kaen warna hideung trus sedal capit Warna pink...

pas geus di Mall..ti kajauhan kaciri aya awewe geulis keur milihan Parfum di Konter obat nyamuk semprot, langsung si Solihin ngaca dina kaca etalase Konter Sendal Bakiak nu di gigireun na...

geus kitu langsung nyamperkeun niat rek kenalan jeung eta awewe

SOLIHIN :" ( bari no'el awewe eta ) Hai, nuju milihan naon neng..?" ( Beungeut pede )

AWEWE : " ( bari beungeut judes )..Naon sih teu sopan pisan jadi jelema teh, kenal ge henteu geus wani Cunihin ". ( bari ngambek )

SOLIHIN : " Abi mah Solihin neng..sanes Cunihin ".

AWEWE : " teu nanya abi mah..( bari tetep judes )..emang mun didinya teu Cunihin, kunaon atuh pake wani Tual-toel sagala..?".

SOLIHIN : " apanan abi mah rek ngawartosan neng, Eta aya Korong Garing nyelap na Irung neng ". ( bari ngaleos jeung heheotan siga nu bungah )

AWEWE : " ( beureum beungeut bari ngusap irung nu bener2 aya korong garing sagede kaleci golodog )..Aduuuhh, untung we di bejaan ". ( bari ngomong dina hatena )

SARMILI VS DOKTER

Mang Sarmili ngarasa mun unggal usik sok nyeri beuteung siga aya nu ngegelan peujit unggal poe...geus kitu maneh na indit ka dokter niat rek nanyakeun panyakit naon nu nimpa maneh na sampe ka nyeri beuteung unggal poe...pas geus di dokter maneh na di pariksa trus nanyakeun hasilna..

SARMILI : " pak Dokter, punten ari abi teh panyawat naon atuh ieu teh..??". ( bari beungeut panasaran )

DOKTER : " ( bari beungeut nu bingung ) ..kieu pak, bapak teh kaserang panyawat aneh pisan, mungkin ieu mah bapak teu damang gara2 aya nu sirik ka bapak ".

SARMILI : " naha naon hubungan na nu sirik sareng nyeri beuteung..??". ( bari beungeut bingung trus gagaro kelek )

DOKTER : " janten kieu pak, sesuai td diagnosa...bapak teh secara fisik mah sehat teu aya nanaon, mung pas di Ronsen dina patuangan bapak aya bubuk beling, paku payung, silet, sareng pecahan beling nu lain. jadi kasimpulan na bapak aya nu Nyantet.

SARMILI : " aeh ari bapak....naha teu terang kitu..apanan abi teh pemain Kuda Lumping..??"

TUKANG BECAK NYASAR

Aya Tukang Becak Anyar ( maklum mun hujan sok di plastikan awak na ) ..maneh na karak poepertamamangkal didinya( maklum manehna perantau di lembur eta ).

hiji mangsa aya Mang EMED (lain ngaran aslina ), maneh na balik gawe lembur di kantor, manehna sok biasa leumpang ti kantor kai mahna ( pajar teh olah raga peuting ceunah ),,tp harita mah saking ku cape manehna balik naek becak eta, akhirna aya tawar menawar :

Mang EMED : " Kang bade narik moal ?".

Tk. BECAK : " Mangga kang, bade kamana..??".

Mang EMED : " ka Ci Sangray sabaraha..??

Tk. BECAK : " alah tebih eta mah kang, kumaha mun 10 rebu..??"
Mang Emed : " Mangga atuh sok lah jadi ".

kacaritakeun becak geus jalan...

Mang EMED : " belok kiri mang, kanan, lurus, kanan, belok kiri, nu aya kios roko belok kanan kang, trus kang..parapatan itu ka Kiri, trus kanan deui kang...tah kiri stop didieu kang ". ( pas turun langsung ngasongkeun duit Rp. 10.000,- )

Tk. BECAK : " aduh kang..( bari cicing teu narima duit )

Mang EMED : " nakunaon mang..?? masih keneh kurang..? yeuh atuh tah di tambahan jadi 20rb..

Tk. BECAK : " abi mah masing di tambihan janten 500rb oge moal nampi ".

Mang EMED : ( bari bingung ) ..na kunaon atuh mang..? ari mang hoyong sabaraha..??".

Tk. BECAK : " sanes hoyong sabaraha, tp api mah hoyong Uih tp bingung ke abi uih na ieu jalan ka mana.??". ( bari sedih da bingung teu apal jalan balik )..

TUKANG BECAK

Aya Tukang Becak, sebut we ngarana Mang Sarwon ( ngabeca poe salasa jeung rebo kliwon )...maneh na geus balik nga beca mampir ka tukang Gado-gado..geus kitu langsung manehna pesen gado2 da teu kuat lapar

T. BECAK : " bu meser gado2 sa porsi, tp Rp.1000 eun we nya".

T. GADO2 : " Har piraku saporsi ngan meuli Rp 1000..?". ( bari jamedud )..mun sarebu mah atuh teu make sayur jeung endog..".

T.BECAK : " wios lah bu teu pake sayur oge, teu kuat lapar pisan ".

kacaritakeun pas geus re kmaghrib si T.Becak eta rek balik trus ngaliwat deiu ka T.Gado2, akhirna si T.Gado2 manggil da emang keur nungguan becak

T.GADO2 : "Mang anterkeun ibu ka Jl. Kerewed ...". tp ongkos na Rp. 1000 we nya..??".

T. BECAK : " mangga bu, sok calik.."

pas keur di jalan eta arah ka Jl. Kerewed teh mudun pisan jeung loba gawir / jurang ...akhirna eta becak jalan na kebut pisan siga nu kasetanan, si T.Gado2 ngagorowok..

T.GADO2 : " maaannngg,,,ulah tarik teuing ibu mah sieun ti jungkir ka jurang.." ( bari gogorowokan )

T. BECAK : " ah wayah na we bu, da td oge abi meser gado-gado ka ibu ari ngan ukur Rp.1000 mah teu make sayur...jadi ayeuna oge ibu naek Becak abi ongkos na Rp. 1000,- mah teu make REM.". ( bari tuluy beuki kebut becak na

AKI- AKI PREMAN

Aya hiji Aki-aki maneh na carita ka Incuna pas jaman baheula keur jadi preman Lahir Bathin di Terminal....manehna ngadongeng keur masih masa muda nga Jegeur di terminal nu loba preman kacangan.

AKI : " yeuh ujang, harita mah abah teh di pikasieun ku kabeh jelema nu aya di terminal...".

INCU : " wah berarti abah teh jagoan, berarti abah sok gelut atuh nya..?" ( bari beungeut polos )

AKI : " atuh geus pasti eta mah ujang..malah mah pernah abah di rempug ku 5 orang preman anyar..manehna sieun ku abah sampe ka nu 4 orang mah kabur pas nempo abah ".

INCU : " wah hebat atuh bah, eta nu 4 orang sampe ka kabur kitu..ari nu 1 orang deui nasib na kumaha bah..?? pasti babak belur nya bah di gebugan ku abah..?"

AKI : " aeh ari ujang, apanan Jelema nu tinggal 1 orang deui, eta teh nu nganterkeun abah ka Rumah Sakit." ( beungeut tanpa dosa bari peulenyun udud )

KALAKUAN SI KARSO

Bener2 eta mah si Karso ( ngaran panggilan mun di terminal ), maneh na terkenal pisan preman lahir bathin, plus mun keur mabok sok merkosa awewe nu ngaliwat, sampe ka budak oge ku si eta mah di perkosa...

pernah pas maneh na keur mabok ceunah mah merkosa budak leutik, sampe ka di bawa ka kantor polisi, tp si karso teu daek ngaku merkosa eta budak, da ngomong na oge kieu :

POLISI : " Kunaon maneh merkosa budak di bawah umur..??"

KARSO : " Teu rumasa pak abi mah..". ( bari embung ngaku )

POLISI : " Geus maneh teh ngaku da ieu aya buktina, budak na aya , saksi na aya ".

KARSO : " Ah da tetep abi mah teu rumasa, pak..".( bari ngegelan kuku )

POLISI : " Na sateh hayang di babuk ku uing..?? geus jelas2 maneh teh merkosa budak leutik di bawah umur..!!". ( bari geus mulai ngamuk )

KARSO : " pak, jujur abi mah teu rumasa merkosa eta budak di bawah umur...ngan abi mah rumasa merkosa eta budak di bawah kasur, da meh teu ka tempo ku batur..". ( bari ngegelan kuku trus ngaca dina kaca meja )

AKI-AKI LALAJO BIOSKOP

duh dasar kalakuan aki-aki mah da meureun loba poho jeung loba teu kahaja....eta we pas manehna di ajak lalajo ka bioskop ku minantu na aya wae tingkah polah nu pikaseubeulun teh..
bari lalajo manehna dahar cemilan, pas geus beak cemilan manehna ngadahar permen karet nu akhirna jadi rariweuh...

MINANTU : " abah keur naon eta cicing di kolong Korsi..?"

AKI-AKI : " ah teu nanaon ujang, ngan ieu we abah milarian permen karet abah nu teu kahaja murag." ( bari terus kokoreh neangan permen karet nu murag )

MINANTU : " aduh... keun we atuh abah permen karet urut mah ulah di teangan, yeuh di gantian ku permen anyar." ( bari ngasongkeun permen karet nu anyar )

AKI-AKI : " Lain kitu Ujang, Abah mah lain ku neangan teuing permen karet na, tapi eta neangan Huntu Palsu abah nu nempel dina perman karet na." ( tetep neangan bari totonggengan )

CERAMAH MODERN

ieu carita sabenerna teu nyambung jeung judul,,tp bae lahngarana oge ngacaprak bebas rek teu nyambung oge, ngan nu pasti mah kieu caritana :

Sebut we Neng Warti'ah asli orang lembur Cikuda Engklak, manehna konsultasi masalah jerawat tp salah na maneh na malah konsultasi ka Ustadz, da maklum meureun ari di lembur mah hese neangan dokter...tp ku sabab salah konsultasi nu aya malah di ceramahan ku eta ustad..kieu ceunah :

WARTI'AH : " Pa Ustad, abi teh kadieu bade nyuhunkeun cai nu tos di pasihan do'a ku pa ustadz "

Ustadz : " naha kunaon kitu neng..?? neng teh aya nu nyantet..??

WARTI'AH : " Sanes pa ustad, ieu simkuring teh timbul jarawat seu'eur pisan dina muka abi nu asalna mulus, manawi pa ustad aya obat na..?".

USTADZ : " naha ari neng...neng teh kedah na bersyukur aya jerawat dina muka neng, da Alloh SWT mah adil ".

WARTI'AH : " naha kumaha kitu pa ustad..?? ( bari bingung jeung lieur )

USTADZ : " yeuh neng, sok pikir ku neng..kumaha mun eta jarawat jadi na bujur.? meureun neng mun rek ngabucatkeun jarawat bari ngaca teh kudu nonggeng da meh kaciri..?? komo deui meureun mun neng rek di Facial ka Salon..atuh meureun sarua kudu bari nonggeng..?? kira2 aya kitu Salon nu daek meuseul na..??

WARTI'AH : " duuhhh...( beuki bingung ngabayangkeun jarawat dina bujur trus kudu nonggeng )

KALAKUAN AWEWE NU BELEGUG

aya tatangga uing awewe, sebut we lah ngaran na mah NENG ROSI ( nama aslina mah ROSIDIN ).

manehna lamun ulin sok make Rok Pendek, saking pendek na eta Tungtung Anderok teh lain handapeun Tu'ur, tp handapeun Bujal ( bae ah ngarana oge ngacaprak )...

kacaritakeun manehna sok di heureuyan ku kabeh lalaki nu sok narongkrong di handapeun tangkal Jambu, trus maneh na ngomong ka indung na :

NENG ROSI : " Bu, neng mah sok resep mun ngaliwat ka jalan nu aya tangkal Jambu tempat pemuda nongkrong".

INDUNGNA : " naha kunaon kitu neng..??"

NENG ROSI : " Eta we mun ngaliwat kadinya teh pasti di pegat ku pemuda bari sok pasihan artos Rp.20.000,- hasil patungan maranehna, tp syarat na Neng kudu daek naek kana tangkal JAmbu eta selama 15 menit ".

INDUNGNA : " aeh ari neng, na teu nyadar kitu..?? pasti maraneh na teh rek no'ong Calana Dalam nu dipake ku neng..geus isuk mah ulah daek deui model kitu ".

kacaritakeun isuk na si Neng Rosi balik ka imah bari ngomong deui ka indung na....

NENG ROSI : " Bu, tadi neng dipasihan artos deui, malah mah jd Rp.50.000,- ngan biasa we Neng kudu naek tangkal Jambu tp rada lami sampe ka setengah jam ".

INDUNGNA : " na ari maneh teh nanaonan..?? ( bari ngamuk )...apanan kamari geus di bejaan eta lalaki teh tujuan na rek No'ong Calana Dalam ".

NENG ROSI : " ah tenang we atuh bu tong hariwang, da soalna tadi mah Neng oge teu pake Calana Dalam... jd maraneh na moal bisa no'ong Calana Dalam Neng ". ( bari beungeut tanpa dosa )

INDUNGNA : " Na ari silaing teh meuni kabina2 belegug...". ( bari digebug ku sapu injuk )

TUKANG RONGSOK

Ieu mah babaturan ulin keur TK baheula, sebut we ngarana Jang Suha (ngaran aslina Suhantini Pratiwi )..
profesi maneh na tukang rongsok, trus maneh na minggu kamari anyar kawin jeung orang sebrang, mun teu salah mah orang palembang pamajikan na teh, da ayeuna oge jang Suha cicing diditu....

kacaritakeun poe ka 3 anyar kawin maneh na nyiar rongsokan ti kampung ka kampung di palembang, tp nu jadi aneh maneh na pas balik ngider rongsokan saparat jalan ujug2 ceurik wae, akhirna di tanya ku Polisi nu kabeneran nempo jang Suha ceurik..

POLISI: " kunaon bapa teh ceurik..?? naha aya nu ngarampok atawa kumaha.??

SUHA : " ah ari nu ngarampok mah teu aya pak, da rampok mah moal beuki kana panci jeung katel urut".

POLISI : " trus nu jadi sedih na naon atuh?". ( bari bingung )

SUHA : " abi teh emut ka istri di bumi, keur mah geulis trus pinter masak, abi teh sono pisan... mangkaning anyar nikah 3 dinten kamari".

POLISI :" atuh mun kitu mah ulah sedih kudu na bersyukur, emang kunaon matak ceurik teh gara2 pasea jeung mitoha..??".

SUHA : " sanes pak, tapi abi teh hilap deui jalan uih...jd sedih moal tiasa pendak jeung istri di bumi da teu tiasa uih ". ( bari beuki tarik ceurik na )

PREMAN NGALAMAR KAWIN

aya hiji Preman TERMINAL CIKUNGUNYA ( eh perasaan cikungunya mah ngaran panyakit, naha jd ngaran terminal..?? baeh ah da ngarana ge ngacaprak..hihihi ).

kacaritakeun eta Preman teh boga kabogoh budak na Pak. Haji nu terkenal di lembur eta...manehna datang ka imah Pak Haji niat rek ngalamar budakna.

PREMAN : " Pak, dupi maksad simkuring kadieu teh aya niat nyuhunkeun izin bade ngalamar si neng putri bapak nu geulis siga turis ".

PAK HAJI : " Kela, Bapak mah asa hariwang mun si neng nikah ka ujang." ( bari nada nu sinis jeung judes )

PREMAN : " tong hariwang bapak mah, upami si neng sareng simkuring mah bakal aman".

PAK HAJI : " Emang ujang tos gaduh naon bade ngalamar si Neng..??". ( bari angger siga nu keuheul ka eta preman )

PREMAN : " simkuring mah beukel ngalamar teh ngan Gaduh 2 perkara nu diandelkeun ku simkuring, nyaeta :

- kahiji : simkuring gaduh barang nu bakal nyenangkeun si neng unggal dinten...

- kadua : simkuring gaduh kawani kanggo geulut sareng bapak pami bapak keuekuh teu ngijinan simkuiring nikah jeung si neng".
( bari nembongkeun tatto gambar cucuk lauk.... )

TUKANG OJEG NURUSTUNJUNG

Dasar keur si Jumri, pemuda desa nu weureu jeung sok ngajalankeun ojeg bari mabok...

hiji mangsa manehna narik muatan awewe geulis nu keur hamil 3 bulan, manehna ngajalankeun Motor ngebut pisan sampe di jemping2 sagala nu akhirna eta muatan na labuh ka aclengkeun...

JUMRI : ( bari ngomong balelol da eamng keur mabok ),,duuhh perasaan mah uing teh keur narik muatan tp kamana nya..?? ( bari culang cileung )

MUATAN : ( bari gogorowokan )..Tuluuunngg,,tuluuunnggg...".

JUMRI : " Uluh geuning muatan nyuksruk kana tangkal cau ". ( bari nulungan )

MUATAN : " Dasar nurustunjung, geuwat bawa uing ka rumah sakit". ( bari amuk2an )

Kacaritakeun geus di Rumah Sakit eta awewe muatan si Jumri Kandunganna Kaguguran, sampe ka salaki awewe eta datang ka Rumah Sakit..

SALAKINA : " na sateh kabina2 pisan narik muatan sampe ka kieu, emang model kumaha ngajalankeun motorna?". ( bari ngamuk )

JUMRI : "Ah biasa we ngajalankeun motor mah di hirupan heula motorna trus dipajukeun". ( beungeut tanpa dosa bari jeung bau minuman )

SALAKINA : " Ari maneh teh jelema weureu lain.?? ( bingung ku kalakuan si Jumri ), cik atuh mikir maneh rek tanggung jawab moal ieu pamajikan uing kandungan na kaguguran, mangkaning geus 3 bulan". ( bari ngacacang da emang ngamuk pisan )

JUMRI : " Muhun pasti abi mah tanggung jawab pak". ( bari siga nu sieun )".

SALAKINA : " Tangung Jawab kumaha ..? apanan kandungan na oge geus kaguguran, moal bisa dibalikeun deui?".

JUMRI : " Wios abi Tanggung Jawab..Bade ngadamel Istri Bapak supaya Hamil deui 3 Bulan, itung2 ngagentosan nu tos kaguguran na".

SALAKINA : " Dasar nurustunjung siah....(bari ngababuk ku HELM ) ".