Kamis, 05 November 2009

DOSEN BELEGUG

di hiji Universitas terkenal aya dosen nu galak pisan, manehna teu kaop aya mahasiswa nu bangor sok langsung di carekan bebeakan... kacaritakeun eta dosen rek mulai ngajar di hiji ruangan kelas..

DOSEN : " cik naon jelaskeun nu ngarana sistem ekonomi perbankan..??"

MAHASISWA : " sistem ekonomi nyaeta.....bla..bla..bla.. ( dijawab hiji2 ku kabeh mahasiswa )

DOSEN : " (bari melong kajuru ruangan aya jelema keur tataekan kana korsi )...hey maneh, nanaonan eta tataekan kana korsi..? kadieu kahareup..!!! "

( jelema eta ka hareup trus ditanya bari di carekan bebeakan )

DOSEN : " Silaing nanaonan eta di juru tataekan na luhur korsi siga jelema gelo, maneh teh rek ngiluan di ajar atawa rek naon datang ka kampus teh..??

NU DITANYA : " Punten moal ngiringan diajar simkuring mah pak". ( dijawab tenang )

DOSEN : " aeh na silaing teh nanaonan atuh datang ka kampus trus abus ka kelas, ari moal di ajar mah..?? ( bari ngamuk jeung beungeut keheul )

NU DITANYA : " Simkuring mah di piwarang ku rektor kampus, ngalereskeun saklar listrik nu koslet, maklum simkuring mah padamel PLN". ( bari nembongkeun kabel listrik )

DOSEN : " ( langsung beureum beungeut saking ku era )...oohhh kitu..".

NU DITANYA : " punten dupi bapak gaduh Obeng sareng tang sakantenan simkuring nambut heula..?? ( nanya bari wajah tanpa dosa )".

Tidak ada komentar:

Posting Komentar