Sabtu, 07 November 2009

NINI - NINI LIEUR..!!!

Aya Nini-nini indit ka stasiun Kareta Api, pas geus di Stasiun Kareta manehna culang cileung nempoan jadwal pemberangkatan Kareta bari beungeut bingung
akhirna manehna nanyakeun ka penjaga Karcis

Nini : " pak, ari kareta jurusan Bandung - Surabaya iraha dongkapna?".

Penjaga : " ooh nu ka bandung mahatos tadi jam 11.00 Wib ".

Nini : " ari nu dongkap ayeuna jurusan naon?".

Penjaga : " nu dongkap ayeuna mah jurusan Jakarta - Yogya".

Nini : " oohh kitu...kira2 sabara menit deui dongkap na?".

Penjaga : " paling 15 menit deui...ari nini bade kamana..?".

Nini : " ah moal kamana-mana pak, ngan nini mah bade ngiring nyebrang Rel Kareta soalna sieun kaburu datang Kareta na". ( culang cileung bari beungeut siga nu sieun )

Penjaga : " dasar nini-nini edan..". ( bari ngaleos )

3 komentar:

  1. mani pajeulit kitu eta c'nini teu pirarek meuntas....xixixixixi, malapah gedang sagala sugan teh rek nanahaon....wadwouh.....

    BalasHapus
  2. waduuuuu....carita rel kareta ieu ma atos seueur atu dul...
    mendingan jieun carita nu anyar...meh loba nu cecengiranna..

    BalasHapus
  3. MIla : nya maklum we da ngarana oge geus pikun jeung loba ka sieun ari geus nini2 mah,,,hihii

    Izal : nya ieu mah itung2 pembendaharaan carita we meh teu ti'iseun teuing...hihihi

    BalasHapus