Jumat, 28 Oktober 2011

KISAH MANG KARDUN

sebut we Mang Kardun, manehna geus lila ngumbara di Jakarta hampir kana 15 Tahun na..pas manehna rek balik ka lembur, saminggu sa acan na nelpon ka kluarga na nu di lembur bari nawaran oleh2 jang keluargana

Mang Kardun : " Halo Jajang, ieu Mamang... ke mamang rek balik minggu hareup, hayang oleh2 naon..?"

Jajang : " Hoyong HP Blackberry pokona mah Mang..."

Mang Kardun : " Heug gampang atuh eta mah ke ku amang di pang mawakeun..., cik tanya si oding hayang naon oleh2na..?"

Jajang : " ( bari nanya heula ka si oding nu kabeneran aya gigireun ), hayang Kamera Digital ceunah mang..."

Mang Kardun : " Heug atuh ke di pang mawakeun ku mamang kamera Digital Model Anyar..., cik mana si Emak titah ngobrol hayang naon..?"

Jajang : " ( gogorowokan manggil Emak...trus mikeun HP na titah ngobrol jeung mamang na ), yeuh mak, ci mamang hayang ngobrol..!!"

Mang Kardun : " Halo Emak, Hoyong Oleh2 naon ke mun Kardun Mulang ka Lembur..?"

Emak : " alah ujang keun we atuh ulah repot2, Emak mah ku ujang salamet oge geus atoh...." ( maklum ari kolot mah bijaksana )

Mang Kardun : " Keun atuh Emak khan teu sataun sakali itung2 ka inget budak ka nu jadi indung... tuh si Jajang & Oding oge ke bade di pang nyandakeun oleh2 HP Blackberry + Kamera Digital.." ( ngobrol bari jiga nu bangga )

Emak : " keun syukur atuh ari geus sukses mah bisa kabeuli sagala, tp Emak mah nitip we pang Meserkeun BH 10 Stel...meh teu Mahal Teuing nya..!!"

Mang Kardun : " Haaah...?? Aduh Oleh2 na ulah BH atuh Mak, nu sanes we nyak...?" ( Bari ngarayu Emak na )

Emak : " naha Kunaon..? apanan BH mah Murah hargana teu cara HP / KAMERA, ato Era kitu Meuli BH jang Emak..??"

Mang Kardun : " Sanes Kitu Mak, Apanan mun oleh2 BH mah ke pasti hese NYOPET na.. piraku abdi kedah Ngarawel BH batur nu keur dipake atuh ke kapanggih COPET na..?!"

Emak : " Haaarr...Geuning Silaing teh jadi Copeeeettt..????" ( langsung pingsan teu hudang deui sampe ka saminggu )

Kamis, 27 Oktober 2011

PERATURAN ANYAR MOTO GP

sa geus aya kajadian kecelakaan pembalap SIMONCELLI, akhirna Panitia MOTO GP nyieun peraturan anyar jang Balapan, demi keselamatan para Pembalap.

PERATURAN ANYAR MOTO GP diantarana nyaeta :

1. Sesama pembalap teu Meunang silih nyalip / mendahului.

2. Tiap Sirkuit wajib masang Polisi Tidur tiap 100 meter.

3. Tiap Pembalap wajib ngajalankeun motorna dina Kecepatan max. 10km/jam.

4. Setiap Pembalap Wajib Melong spion plus ngahurungkeun lampu sen mun tiap rek nikung.

5. Peraturan terakhir, Setiap Pembalap kudu make HELM Ganda, meh aya cadangan mun nu hiji coplok pas pembalap keur kabeneran labuh / tisoledat.

KALAKUAN SI JUNED

Sebut we ngarana JUNED, manehna budak bangor jeung caliweura di hiji lembur, hiji mangsa manehna anyar jadian bobogohan jeung awewe nu singhoreng eta awewe budak Pak Haji nu katelah galak di lembur eta, trus manehna Niat Rek APEL mlm Minggu pertama...

JUNED : Assalamu alaikum Pak Haji ". ( cungar cengir bari sieun )

PAK HAJI : " Wa Alaikumsalam, rek naon maneh kadieu ??." ( bari molotot maklum galak )

JUNED : " Bade Apel ka ci Nenk Pak Haji...( beungeut pede bari pelenyun udud )

PAK HAJI : " Heug ku Bapak di ijinan tapi kudu bisa ngajawab pertanyaan, mun teu bisa wayahna maneh teu bisa apel ka budak bapak ". ( ngadadak rada sholeh teu amuk2an )

JUNED : " mangga Pak Haji, naon tah pertanyaan na, sok atuh enggal tos teu kiat yeuh hoyong pendak sareng ci nenk." ( panasaran geus teu sabar )

PAK HAJI : " pertanyaan Bapak mah ngan hiji, Cik ari maneh Nyembah teh Ka nu aya atawa nyembah ka nu euweuh..?

JUNED : " ( na jero hate : wah cilaka duabelas euy ieu mah ) nya panginten ka nu aya."

PAK HAJI :" Nya jelaskeun mun bener AYA teh mana..?

JUNED : " Ka nu euweuh atuh lah meh tereh..." ( geus mulai teu sabar )

PAK HAJI : " Euweuh naon na kudu puguh..?"

JUNED : " Euweuh ci nenk na jigana mah Pak haji... da atuh bingung, ngajawab AYA salah, ngajawab EUWEUH oge salah..jd kumaha atuh..? ceuk Bapak Naon atuh jawaban na.?( mulai jamedud da geus teu kuat hayang gancang panggih jeung budakna )

PAK HAJI : " nu puguh mah nyembah ka nu euweuh "

JUNED : " euweuh naon na..? ( kesel bari ngabalikeun pertanyaan ka pa haji )

PAK HAJI : " Euweuh DUA na, soalna ngan eta Hiji2 na nu kudu di sembah ".

JUNED : " waahh 100 kanggo Pak Haji plus 2 KATA ti simkuring kanggo Pak Haji ".

PAK HAJI : " naon 2 KATA eta teh..?" ( panasaran bari menerkeun kopeah )

JUNED : " CUNGUR SIAAA....!!! geus kapalang putus lah aing mah,,( lumpat satarikna bari kukulutus da maklum keuheul )

PAK HAJI : " Kehed teh NURUSTUNJUNG siaaahh ka koloot....( maledog ku sendal BAKIAK )

BANCI EDAN

Sebut we ngarana mah Neng WINA, ngaran aslina mah WINARTO NOTONOGORO SASTRO WARDOYO, manehna teh katelah BANCI nu geus PERMANENT lahir Bathin...

Hiji mangsa manehna nganterkeun nu Maot ka pemakaman, beres acara pemakaman manehna nanya ka Pak Haji nu kabeneran leumpang gigireun manehna bari balik..

BANCI : " Pak Haji, teu nanaon simkuring naros..?" ( bari siga nu sieun ku pak Haji )

PAK HAJI : " Teu nanaon atuh Kasep, eehh geulis...eehh..naon atuh nya nu pantes..?" ( bari bingung da meureun kakara ngobrol jeung banci )

BANCI :" kieu Pak haji, simkuring mah apanan rumaos Banci, janten bingung pami ke maot teh disebut na naon..? apanan Lalaki mah mun maot disebut ALMARHUM, mun istri ALMARHUMAH, tah trus ke mun simkuring maot disebut na naon..?" ( bingung bari sedih plus menerkeun bulu panon nu nyengled )

PAK HAJI : " ( bingung bari ngegelan sorban ), akhirna Pak Haji nyeletuk " nya meureun mun didinya maot mah paling disebut ALMUNIUM." ( wajah kalem tanpa dosa )

BANCI : " Haar ari Pak Haji, Apanan uing mah BANCI lain PANCI....dasar haji tukang kiridit....!!! ( ngadilek bari manyun, geus kitu ngabalangkeun Sendal bari lumpat da meureun manehna ngamuk )

KALAKUAN BARUDAK SAKOLA

Sebut we si Kirun jeung si mahmud keur ngopi di saung bari carita ngalor ngidul tentang kajadian2 ayeuna sampe kajadian2 baheula nu matak sono...

KIRUN : " Dipikir2 mah asa lieur euy ningali budak sakola zaman ayeuna." ( bari gegetret da maklum bu'uk na meureun loba kutu )

MAHMUD : " Naha kumaha kitu euy...???".

KIRUN : " Eta ningali kalakuan barudak sakola dilembur uing ayeuna mah asa balangor pisan, bayangkeun we atuh eta di sakola teh budak awewe na geus teu marake BH, trus budak lalakina sok beuki ngarinum."

MAHMUD : " Tapi mun ceuk uing, eta mah Kepala Sekolah jeung Guruna we teu tegas ka murid, jeung teu mere aturan nu matak murid2 sieun jeung nurut." ( ngabahas serius maklum manehna kitu2 oge Sarjana Hukum )

KIRUN : " Hu'uh na kitu na mah, tp da murid oge teu bisa disalahkeun kitu wae ."

MAHMUD : " Nya ceuk uing mah eta murid tetep salah, da mun balener mah kalakuan na moal kitu... tapi euy , dimana eta sakolaan nu kitu..?" ( nanya semu panasaran oge )

KIRUN : " Eta euy di Sakola TK HARAPAN BANGSA."

MAHMUD : " Haaarr ari silaing Kirun, hanas ku uing di banungan ." ( keuheul bari ngarawel udud )

Senin, 17 Oktober 2011

ABAH VS ROBOT

.Abah jalan2 jeung Ambu ka Ginza Jepang. Geus jam 2 beurang can dahar waé, atuh puguh lapar pisan.

“Mah lapar henteu?”, ceuk Abah
“Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu”
“Wah lamun aya restoran Padang mah ngeunah meureun”
“Enya nya, biasana gancang, teu perlu mesen heula”
“Tuh aya restoran nu palayana maké robot!”
“Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana”

Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta.
Gék diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah.
Enya waé palayana téh robot.
Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong :

“What is your nationality?”, robot nanya.
“Indonesia” ceuk Abah.

“Selamat datang”, ceuk robot maké bahasa Indonesia.
“Apa bahasa suku Anda?”, robot nanya deui.
“Sunda”, ceuk Abah.

“Wilujeng sumping. Badé pesen naon?” ceuk robot maké basa Sunda.
"Canggih mah", abah ngaharewos.

“Aya lotek?”, ceuk Ambu nanya ka robot.
“Aya”
“Pesen dua porsi”
“Porsi ageung atanapi alit?
“Porsi ageung”
“Sabaraha céngékna?”
“Nu hiji dua, nu hiji sapuluh”
“Nganggo kangkung?”
“Enya”
“Nganggo waluh?”
“Enya”
“Nganggo engkol?”
“Enya”
“Badé engkol ti China atanapi asli Jepang?
“Nu mana waé lah”, Abah mimiti rada ambek.

“Kacangna badé diréndos atanapi di blénder?”
“Kumaha sia !”

“Kacangna setengah mateng atanapi mateng?”
“Goréng sing garing!”

“Nganggo goréng bawang henteu?”
“Maké kéhéd!” Abah sesengor tarik pisan.

“Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?”
“Dipiringan !”

“Lisahna margarine atanapi lisah kalapa?”
“Jalantah kuya !” bari ambek da geus aya sapuluh menitna.

Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.

Kira-kira tilu menitan kakara robot téh ngomong deui :

“Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan”

“Naha? Geus lila-lila aing wawancara jeung sia teu bisa dijieun ku siah?”

“Kumargi teu acan aya kuya, kehed sareng jalantahna!”

“Anjriiit!! bisa gélo aing ! !!!”

TUKANG BASO SOLO

Sebut we lah ngarana mah Bu Sumringah.. Da eta we seuri wae jigana mah pedah katingali waos na...xixixiixi

Kacaritakeun manehna pesen Baso Solo, pas pesenan datang manehna ujug2 ngamuk ka pedagang baso na..

Bu Sumringah : " hey mas..cik atuh nu bener laladang teh, piraku ibu meuli saporsi ngan dibere hiji Jendil Baso na...mana leutik deui Basona..!!". ( Ngambek bari ngegelan sendok & garfu gara2 kesel )

Tk. Baso : ( ngajawab tenang tanpa dosa ).." Punten ibu, apanan namina oge BASO SOLO janten hiji jendilna, pami hoyong langkung mah mangga we pesen BASO DUET / TRIO / KWARTET.... Pami hoyong langkung seu'eur mangga milari BASO ORKESTRA...

Jumat, 20 November 2009

NINI - NINI DI ACARA KAWINAN

Dina hiji prasmanan acara Kawinan Neng Onah Boboko ( Tukang Jamu ) & Ujang Piriwit ( Tukang Parkir ), eta tamu undangan meuni pinuh ngagulung jiga nu keur di pasar..
maklum meureun acara kawinan na dirayakeun meuni mewah pisan sampe ka nanggap doger monyet jeung jaipongan.

pas keur ngantri prasmanan aya nini-nini nu keur ngorehan / ngocek angeun soup meuni lila pisan sampe ka antrian ngantai siga rek lalajo bioskop film 2012..

Nu Ngantri : " nini ulah lami teuing atuh ngocek soup teh, ieu antrian tos panjang ".

Nini-Nini : " kela ujang antosan sakedap deui nya..". (bari anteng we ngocek soup )

Nu Ngantri : " ari nini nuju ngorehan naon atuh..?? apanan daging mah eta aya di luhur ngambang tinggal di siuk ". ( bari aneh jeung panasaran nempo kalakuan si nini )

Nini-nini : " sanes milari daging ujang nini mah..". ( bari terus we ngocek angeun soup )

Nu Ngantri : " trus ari nini milari naon atuh..?? eta nyiuk soup wae meuni lami jeung di kocek2 ". ( nu ngantri keuheul tp panasaran )

Nini-Nini : " ieu ujang nini teh milari Huntu Palsu nini tadi murag kana ieu angeun soup ". ( bari beungeut tanpa dosa )

Nu Ngantri : " dasar weureu...( kabeh nu ngantri langsung bubar da meureun geuleuh )

Minggu, 08 November 2009

SI EMED VS NYI ROMLAH

Si Emed terkenal Playboy di hiji lembur, hiji mangsa manehna bogoh ka Nyi Romlah budak bandar Bakiak, trus Si Emed nyamperkeun Nyi Romlah niat rek Ngarayu..

SI EMED : " Neng, akang bade naros..kersa teu ka akang nu kasep kapaksa ieu ?".

NYI ROMLAH : " Ah teu hoyong ka akang mah playboy..". ( bari ngabalieurkeun beungeut )

SI EMED : : " ceuk saha neng..? kumaha akang tiasa janten playboy, akang mah rumasa beungeut goreng, domba oge teu bogoheun ka akang mah". ( bari tuluy ngarayu )

NYI ROMLAH : " Ih komo mun kitu..cik atuh mikir kang, domba wae teu bogoh ka akang, kumaha deui abi..?? ( bari ngajeubian )

SI EMED : " aeh ari neng..apanan matak akang milarian nu sahandapeun ti domba oge ngahaja meh akang teu di tolak ". ( bari beungeut pede )

NYI ROMLAH : " nurustunjung siah..emang uing teh domba..??". ( bari maledog ku sendal )

HUNIDUN VS NU GELO

Si Hunidun balik ngadu hayam bari jeung eleh...manehna balik bari ngelek hayam trus ngaliwat hareupeun nu gelo nu keur cicing handapeun tangkal jambu, geus kitu di carekan ku nu gelo eta..

NU GELO : " iih aneh jelema teh, ulin bari mawa monyet ". ( bari nyaliksik bu'uk na nu gimbal )

SI HUNIDUN : " Geus puguh maneh nu gelo mah, hayam disangka monyet ". ( bari keuheul da keur aral gara2 ngadu hayam eleh )

NU GELO : " Ih meuni Ge-er, bari na oge uing mah keur ngomong jeung tangkal jambu lain jeung maneh...iihhh, dasar nu gelo amuk2an sorangan ". ( bari seuri nyikikik trus keprok )

HUNIDUN : " Maneh Nu gelo mah koplok..( bari beureum beungeut da meureun era )

BI SARBO'AH

Bi Sarbo'ah tukang gorengan keliling, maneh na pas balik ngider jualan gorengan ujug-ujug di tengah jalan ngarasa teu kuat mules jeung hayang Pipis, akhirna manehna abus ka kebon trus nagog handapeun tangkal Caringin nu diluhurna aya budak leutik keur ulin na tangkal

BI SARBO'AH : " duuhh untung we masih bisa ka tahan keneh jd teu ki'ih na calana ". (bari ngomong sorangan )

BUDAK : " asik aya hiburan..( Seuri di tahan bari no'ong Bi Sarbo'ah nu keur Pipis ) ".

BI SARBO'AH : " duuh aya ku nikmat ki'ih teh...( geus kitu tuluy manehna hitut brat, bret, brot )

BUDAK : " ( teu sadar nyeletuk ) ih dasar aneh geus pipis teh malah hitut brat, bret, brot ".

BI SARBO'AH :" eehh..naha teu apal kitu Ujang..?? apanan Hujan Oge Sok Jeung Guludug na ". ( bari ngaleos da era teu nyangka aya budak di luhur tangkal )

BUDAK : " Dasar Weureu..".( bari nutupan irung da hitut na bau kacida )

SI KARNIDUN

Si Karnidun Bobogohan jeung budak Pa Haji nu terkenal Galak di hiji lembur, geus kitu si karnidun di panggil ku Pa Haji gara-gara ngahamilan budakna nu anyar kaluar SMU..

PAK HAJI : " Cik uing rek nanya, bener maneh nu ngahamilan Si Ety Budak uing..??".

KARNIDUN : " Muhun pak leres, emang na kunaon kitu pak..? ( beungeut tanpa dosa )

PAK HAJI : " Yeuh..emang maneh teu mikir kitu budak uing teh leutik keneh, kumaha mun ke kaguguran kandungan, emang maneh rek tanggung jawab..??". ( bari nyarekan jeung tutunjuk )

KARNIDUN : " teu nanaon da abi mah tangung jawab mun si Neng kaguguran mah".

PAK HAJI : " Tanggung Jawab Kumaha..??".

KARNIDUN : " Muhun, pami si Neng Kaguguran abi bade Tanggung Jawab ngadamel deui nu enggal kanggo gentos na ".

PAK HAJI : " Na sia teh nurustunjung kalakuan teh..!!!". ( bari ngacungkeun bedog )

HAYANG EUREUN NGAROKO..!!!

Si Sumad ngarasa rudet, unggal poe batuk wae teu eureun2 saking ku loba teuing ngaroko. akhirna si Sumad indit ka Dokter nu maksudna rek konsultasi masalah kesehatan

SUMAD : " dok, simkuring teh batuk wae gara2 ngaroko, kunaon nya..??".

DOKTER : " ooh atuh mun kitu mah bapak ti mulai ayeuna kedah eureun ngaroko".

SUMAD : " da ayeuna oge tos tiasa eureun ngaroko mah".

DOKTER : " trus mun tiasa eureun mah sae atuh..trus nu jadi masalah ayeuna naon..??". ( bari bingung )

SUMAD : " masalahna tiasa eureun teh ku cara mun bade ngaroko trus eta roko na di coelkeun heula kana Tai Kotok ".

DOKTER : " nya sae atuh teu nanaon mun kitu mah, janten bapak moal daek ngaroko da jadi geuleuh".

SUMAD : " Muhun dok, ngan nu janten masalah ayeuna simkuring janten kabiasaan nyolek Tai Kotok...kumaha nya dok.??".

DOKTER : " atos we sakalian Lamot tah Tai Kotok teh ku Bapak.....( keuheul bari ngaleos )

Sabtu, 07 November 2009

NINI - NINI LIEUR..!!!

Aya Nini-nini indit ka stasiun Kareta Api, pas geus di Stasiun Kareta manehna culang cileung nempoan jadwal pemberangkatan Kareta bari beungeut bingung
akhirna manehna nanyakeun ka penjaga Karcis

Nini : " pak, ari kareta jurusan Bandung - Surabaya iraha dongkapna?".

Penjaga : " ooh nu ka bandung mahatos tadi jam 11.00 Wib ".

Nini : " ari nu dongkap ayeuna jurusan naon?".

Penjaga : " nu dongkap ayeuna mah jurusan Jakarta - Yogya".

Nini : " oohh kitu...kira2 sabara menit deui dongkap na?".

Penjaga : " paling 15 menit deui...ari nini bade kamana..?".

Nini : " ah moal kamana-mana pak, ngan nini mah bade ngiring nyebrang Rel Kareta soalna sieun kaburu datang Kareta na". ( culang cileung bari beungeut siga nu sieun )

Penjaga : " dasar nini-nini edan..". ( bari ngaleos )

Kamis, 05 November 2009

AWEWE NURUSTUNJUNG

Obrolan 2 pasangan calon panganten nu rek kawin saminggu deui..

Lalaki : " nyai sayang, saminggu deui urang teh bakal nikah... akang mah ke pami bobo sareng nyai, pas malam pertama akang hoyong di service nu matak akang betah

Awewe : " duuh akang tercinta, nyai mah janji bakal masihan nu pang sae na kanggo akang..ku nyai mah bakal di service sampe ka akar-akar na

lalaki : " wah ..?? nu leres eta teh nyai..?? ( bari atoh pisan )..emang neng tiasa kitu masihan service nu matak puas ka akang..??

Awewe : " kantenan atuh akang, pami akang teu percanten kana pengalaman nyai mah...mangga we taroskeun ka rerencangan akang, si Suhri, Si Jumad, Si Memed. dll...

lalaki : " dasar nurustunjung sia mah nyai...( bari eta awewe na di kepret )

PANGANTEN ANYAR

Aya Panganten anyar, sebut we ROHIDIN & ROKAYAH

eta Neng Rokayah ti mimiti di rapalan sampe ka diuk di korsi panganten pagawean ngan ukur ceurik jeung ceurik, sampe ka bingung kabeh kolot ti dua belah pihak, oge kabeh nu aya didinya..

kacaritakeun pas keur narima tamu undangan oge manehna tetep we ceurik, akhirna salakina keheul trus ngajakan heula ka tukang bari ninggalkeun tamu nu ngantri rek sasalaman..

geus di tukang Rohidin nanya :

ROHIDIN : " Cik atuh nyai ulah ngerakeun akang, ari nyai teh kunaon ceurik wae..?? bisi pajarkeun gara2 akang..emang aya nu salah ti akang..??

ROKAYAH : " Teu nanaon kang...( bari beuki tarik ceurikna )

ROHIDIN : " Sok atuh nyarita ka akang, naha nyai teh hanjakal kawin jeung akang nu ganteng model kieu..?? atawa gara2 Mas Kawin Seperangkat Alat Vital Kumplit Plus Kolorna nu di bere ku akang masih kurang keneh..??

ROKAYAH : " Sanes kitu kang, nyai teh mun calik wae ieu BISUL 2 siki nu aya na bujur nyai karasa pisan nyeuri mun pas Kageuncet Korsi....!!!

DASAR BUDAK

Di hiji madrasah aya ustad nu keur ngajarkeun kudu jadi budak bageur meh abus surga...

pa ustadz : yeuh barudak,,,peupeujeuh pesen ti bapak mah ke mun geus gede ulah bangor jeung ulah jahat, soalna eta teh balad setan nu aya di naraka,,,,,tp kudu baguer jeung sholeh meh abus surga...kira2 saha nu hayang abus surga..??

Murid kabeh : " Abi pak ustad,,,,( bari ngacung kabeh )

Pa ustad : " ( bari melong ka si kirman pedah teu ngacung )...kunaon kirman maneh teu ngacung.?? naha embung abus surga..??

Si Kirman : " Alim ah pak Ustad sieun di carekan ku si bapak "

Pa Ustad :" naha emang kunaon si bapak nyarekan..??

Si Kirman : " Da saur bapak oge ke abi mah kudu abus tentara atawa polisi..." ( bari beungeut sedih )

PEDAGANG ASONGAN

Duuh gusti mudik ayeuna mah bener2 cape, macet trus tiap angkutan pinuh ku penumpang nepi ka paseudek2, Pedagang Asongan sampe ka jiga siraru rabeng ti ditu ti dieu...
sok karunya ari nempo nu kitu teh jd asa hayang pangmeulikeun truck kontainer jang ngangkut penumpang nu rek mudik / arus balik..!!!

jeung eta aya nu watir pisan mah Tukang Asongan di gebugan ku kabeh penumpang Elf jurusan Tasik - Bandung sampe ka akhirna di amankeun ka Kantor Polisi. pas di kantor Polisi ditanya :

POLISI : " kunaon akang sampe ka di gebugan kitu..?? didiinya teh copet atawa calo nu sok maksa..??

PEDAGANG :" duka bapak abi oge bingung ujug2 di gebugan gara2 nawarkeun dagangan ka jero Mobil Elf...( bari nyepengan beungut nu barenjol )

POLISI : " Ah piraku nawaran dagangan sampe ka di gebugan kitu..?? na silaing dagang naon atuh..dagang Narkoba..??

PEDAGANG : " ah mung teu sapira bapak,,,simkuring " Dagang TARAJE " di jero Elf nu pinuh penumpang, da niat mah sugan we Payu meh aya bekeul jang Budak..!!